Sabtu, 07 Mei 2016

Lirik Syair Masa Di pondok


duh ema abdi hampura ..
duh abah abdi hampura ..
di kobong na lalaora ..
ngaji na geh tara tara ..

barudak mah ngararaji ..
abdi mah kalah ka nyeduh kopi ..
barudak budal ngaraji ..
abdi mah masih ngopi ..

tiap weungi tara sare ..
gawe na ngoprekan hape ..
isuk isuk batur rame ..
abdi mah nembe sare ..

satengah dua gugahna ..
rehe amat alam dunia ..
kamana budak kamana ..
horeng di majelis kumpulna ..

beres sholat beres mandi ..
barudak bubar ngaraji ..
carita ngaji nu tadi ..
abdi molohok teu ngarti ..

eungke abdi teh kumaha ..
pami kiyeu ti ayeuna ..
naon tea kabisana ..
isin jasa ka calon mitoha ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar