Sabtu, 07 Mei 2016

Lirik Syair Di Waktu Puasa Ramadhan


Hoyong pisan bisa ngaji
Ilmu Allah anu suci ..

Hanjakal bekeul teu aya
abdi teu gaduh biyaya ..

Aduh ema aduh bapa
piraku hente karunya ..

Abdi teu gaduh nanaon
ngeun ukur ngocor cai panon ..

Hate sedih anu aya
di kobong teh menderita ..

Aduh ema aduh bapa
bade ngirimana iraha ..

Ka abdi anu nelangsa
di kobong ker menderita ..

Rumasa abdi rumasa
di kobong teh teu usaha ..

Abdi nyuhunkeun biyaya
ka dulur_dulur anu usaha ..

Ngeun sakitu ti sim abdi
mugi_mugi pada ngarti ..

By : Karya Santri Salafy Ponpes Alwasilah

Lirik Syair Masa Di pondok


duh ema abdi hampura ..
duh abah abdi hampura ..
di kobong na lalaora ..
ngaji na geh tara tara ..

barudak mah ngararaji ..
abdi mah kalah ka nyeduh kopi ..
barudak budal ngaraji ..
abdi mah masih ngopi ..

tiap weungi tara sare ..
gawe na ngoprekan hape ..
isuk isuk batur rame ..
abdi mah nembe sare ..

satengah dua gugahna ..
rehe amat alam dunia ..
kamana budak kamana ..
horeng di majelis kumpulna ..

beres sholat beres mandi ..
barudak bubar ngaraji ..
carita ngaji nu tadi ..
abdi molohok teu ngarti ..

eungke abdi teh kumaha ..
pami kiyeu ti ayeuna ..
naon tea kabisana ..
isin jasa ka calon mitoha ..

Lirik Syair Satu Cinta Dua hati Santri Salafy

1)Ku bismilah dikawitan

Ie kisah dinadomken

Ku abdi yang membutuhkan

Kana rahmatna pangeran

2)Kisahna kembang kamboja

Jadina bercabang dua

Nu teu asing jeng teu langka

Nu tumbuhna diastana

3)Ka caturken dua santri

Santri putra santri istri

Saking demen jeng sehati

Berpadu cinta sejati

4)Ki ahmad eta namina

Jeng siti mar’ah namina

Sanajan panggihna langka

Tetep nyaah jeng setia

5)Barang dina hiji mangsa

Ki ahmad ngalih kobongna

Siti mar’ah teu kawasa

Bari nangis jeng setia

6)Siti mar’ah sesegrukan

Nyariosna alon pisan

Pami nyampai ditujuan

Tong hilap enggal nyeratan

7)Ki ahmad ngawaler sopan

Jawabna aduh kantenan

Masa aku melupakan

Dirimu yang aku sayang

8)Kalau ada sumur diladang

Bolehkah menumpang mandi

Kalau ada umur panjang

Bolehlah bertemu lagi

9)Siti mar’ah mesem manis

Cahayaan bari jeng gelis

Sanaos bari jeng nangis

Siti mar’ah tetep gelis

10)Tos lami kacaturnaken

Lamun rinduna mereka

Silih suratan balikna

Tuk mencurahkan hatina

11)Kacaturkeun iburamana

Ka siti mar’ah nyarita

Kedah enggal kabumina

Ngawaro jeng hente nyangka

12)Teu nyangka rek ditikahken

Margina teu ngawartosken

Mulangge ngan ngajalanken

Pamanut ortu mah sien

13)Sanajan bari teu sangka

Dijodohken iburamana

Siti mar’ah nya kapaksa

Hatina sakit tersiksa

14)Pernikahan siti mar,ah

Membuat ki ahmad resah

Laku lampah serba salah

Dahar nginum teu ngarenah

15)Ibu rama siti mar’ah

Lain tega jeng teu nyaah

Miwarang enggal ditikah

Ninggal harta nu berlimpah

16)Orang tua nempo harta

Nukitu matre ngarana

Kajeun teuing agamana

Yang penting berlimpah kaya

17)Ringkes bae ceritana

Ki ahmad lewih sengsara

Nepika setedamangna

Panyakitna beki parah

18)Menvit meri dina rakit

Boboko wadah bakatur

Lain nyeri ku panyakit

Kabogoh direbut batur

19)Kumaha duh kumahakeun

Teu tiasa di paparkeun

Banget hese dipaparkeun

Apan anjeun ngaraosken

20)Ngan anjeun mah tidak tahu

Rasa pahit didiriku

Seperti minum empedu

Mending bila minum madu

21)Ki ahmad hatena nangis

Perih bagaikan diiris

Taya seorangpun pedis

Miceun ku panyakit sadis

22)Teu lami kiahmad mati

Nyawana diambil gusti

Mungkin sabab sakit hati

Sampai memasrahkan diri

23)Siti mar’ah ge terangen

Sabab aya nu nyampaikeun

Gebeg hatena rewasen

Kumaha duh kumahakeun

24)Emangna siti mar’ah

Teu bakal tiawal nikah

Pikiran selalu gundah

Hatena selalu resah

25)Rejeng ti saprakna nikah

Membatin slalu dirina

Hese ngahilangkeun nana

Ki ahmad dina hatena

26)Sanajan sareng caroge

Teu bisa malingken hate

Sakapeng sok hare-hare

Teu mayunan ku caroge

27)Di tambah aya berita

Ki ahmad meninggal dunia

Hatena semakin gila

Dohir batina tersiksa

28)Dimana surya tenggelam

Menunjukan waktu malam

Pikiran osok melayang

Memikirkan seseorang

29)Seseorang anu pindah

Dihatena siti mar’ah

Kiahmad anu terpisah

Terpisah karena nikah

30)Sakapeng sok pangkeselken

Carogena nu budiman

Ditaros jarang nembalan

Ngajantenkeun penasaran

31)Aduh nyai bojo akang

Naon anu diemutan

Jawabna teu gaduh akang

Abdi hoyong kakubuaran

32)Carogena teu ngulahkeun

Kalah malah ngajajapkeun

Naon anu disuruhkeun

Mangka bade dijalankeun

33)Kacarioskeun sering pisan

Siti mar’ah ngajarahan

Kaku buran popotongan

Anu henteu kajodohan

34)Upami wangsul jarahna

Sok nguping aya sorana

Suarana hiji jalma

Teu jirim dengean nana

35)Sanaos bari teu jirim

Siti mar’ah hente yakin

Eta sora anu pokna

Aduh meren nya bagjana

36)Lamun urang teu laksana

Lamun hanjakel telahna

Teulami hirup kaula

Di dunia sakicep mata

37)Teu aya sugan jaya

Bakal manggih anjeun bagja

Teu bisa disanes-sanes

Puguh sorana teh bentes

38)Hatena sangat tergores

Mulangge teu bisa hees

Diriwayatkeun aya riwayat

Siti mar’ah sakit berat

39)Enya anjena wasiat

Waktos anjena sakarat

Pami engke dikuburna

Siti mar’ah teh nyuhunkeun

40)Ulah hente direujengken

Caket ki ahmad gigiren

Barang tos canduk waktosna

Siti mar’ah liar dunia

41)Di panggil anu kawasa

Robil ‘alamin nu mulya

Ka carioskeun pupusna

Dilaksanakeun pupusna

42)Nya tumbuh kembang kamboja

Katunggul bercabang dua

Mungsakie nu katampi

Kisah ie ku simabdi